Senin, 09 Januari 2012

Naskah Pidato


NGAWANGUN GENERASI AGROBISNIS DI TATAR GALUH
Naskah Lomba Pidato Basa Sunda Kec. Sukamantri
Dina Raraga Hari Jadi Kab. Ciamis Tahun 2011

Assalaamu’alaikum, warahmatullaahi wabarakaatuh.

اَلْحَمْدُ ِللهِ الْمَلِكِ الْحَقِّ الْمُبِيْنِ، الَّذِي حَبَانَا بِالْإِيْمَانِ واليقينِ، وقال للنبي: (وَمَا أَرْسَلْنَاكَ إِلَّا رَحْمَةً لِلْعَالَمِينَ). وقال تعالي: مُحَمَّدٌ رَسُولُ اللَّهِ وَالَّذِينَ مَعَهُ أَشِدَّاءُ عَلَى الْكُفَّارِ رُحَمَاءُ بَيْنَهُمْ تَرَاهُمْ رُكَّعًا سُجَّدًا يَبْتَغُونَ فَضْلًا مِنَ اللَّهِ وَرِضْوَانًا سِيمَاهُمْ فِي وُجُوهِهِمْ مِنْ أَثَرِ السُّجُودِ ذَلِكَ مَثَلُهُمْ فِي التَّوْرَاةِ وَمَثَلُهُمْ فِي الْإِنْجِيلِ كَزَرْعٍ أَخْرَجَ شَطْأَهُ فَآزَرَهُ فَاسْتَغْلَظَ فَاسْتَوَى عَلَى سُوقِهِ يُعْجِبُ الزُّرَّاعَ لِيَغِيظَ بِهِمُ الْكُفَّارَ وَعَدَ اللَّهُ الَّذِينَ آمَنُوا وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ مِنْهُمْ مَغْفِرَةً وَأَجْرًا عَظِيمًا.

Puji anu sok ngancik na diri abdi-abdi anu sajati, siga para santri anu garetol ngaji. puja anu sok sumarambah na dada hamba-hamba nu saratia jiga wanoja jeung jajaka nu tarumut kana agama. Puji eta tetep kagungan gusti nu Maha Suci, Puja wang sanggakeun kanu Maha Kawasa, anu mana nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu lugina, urang tiasa riung mungpulung patepung lawung bari nebihkeun tina kabingung, pamprok jonghok bari aremok cabok gigiren tembok ieu aula, patepang wajah sareng nu dikaropeah bari saromeah bangun nuju baringah.  Mudah-mudahan riungan urang sadaya kenging hidayah sinareng barokah ditebihkeun tina kasusah anu diwuwuh ku ridho sinareng maghfiroh malah mandar urang sadaya baringah tur guligah. Amin.
Sholawat sinareng salam muga tetep dilelerkeun ka jungjunan urang sadaya nyatana habibana wanabiyana Muhammad Saw, natrat ka shabat para ahli jeung sahabat tug dugi ka urang sadaya anu sami miharep safaat ti mantena engke di alam kalanggengan.
Tipayun ngahaturkeun nuhun ka pangersa pangatur waktos minangka juru duum dina ieu acara, kana waktos anu parantos dipasihkeun ka pribados kanggo ngiring cumarios dina tempat anu raos, kalayan pribados moal panjang paos sabab waktos parantos ditangtos-tangtos ku pangatur waktos.

Dewan Hakim anu dipihurmat Hadirin anu dimulyakeun ku Allah

Indonesia ngarupakeun hiji nagara anu ngabogaan Sumber Daya Alam  lengkep, timimiti tanah anu subur, iklim anu sampurna (aya hujan, aya panas), lingkungan anu ngadukung jeng hal anu sejena, anu pasti ku eta potensi, urang  bisa ngahasilkeun hasil tatanen anu unggul (loba jeng alus), boh hasil tatanen anu mangrupa bubuahan, sayuran atawa anu sejena. Sabab ngan dina taneh anu subur jeng hawa anu cocok, urang bisa ngahasilkeun tatanen anu unggul. Tapi ironisna, eta potensi teh teu bisa ngangkat bangsa Indonesia jadi bangsa anu makmur jeng sejahtera, malahan kudunamah ku eta potensi, Indonesia bisa ngekspor bubuahan, beas, sayur-sayuran jeng hasil tatanen sejena ka nagara dengen. Tapi sabalikna, nagara urang boro-boro bisa ngekspor hasil tatanen ka nagara dengen, rakyat Indonesia na oge, masih keneh loba anu kalaparan (kurang dahar atawa samasekali teu manggih sangu), loba keneh masyarakat kurang sehat kusabab tara dahar bubuahan, loba keneh jalma anu kurang gizi kusabab jarang ngadahar sayuran. Hal ieu ngarupakeun bukti yen bangsa Indonesia masih keneh lemah dina Sumber Daya Manusana, anu teu mampu ngolah potensi Sumber Daya Alam.
Disamping eta, kondisi anu leuwih parah deui coba perhatikeun kuurang, naon sababna ayeuna loba bencana anu karandapan ku bangsa urang, hususna bencana alam, saperti longsor, banjir jeng bencana lumpur lapindo anu teu eureun-eureun. Ieu ngabuktikeun yen urang salaku umat Islam geus gagal dina ngajalankeun amanah ti Allah (amanah dina ngagarap lahan garapan), urang teu bisa ngagarap tanah anu bener, anu luyu jeung sayari’at agama tur darigama. Kajadian lumpur lapindo ngabuktikeun yen kagagalan urang dina ngolah lahan garapan anu teu merhatikeun dampak kana lingkungan, anu dipikirkeun kumaranehanana ukur duit jeng duit, dalah dampakna rek positif atawa negatif  teu dipentingkeun ieuh. Saterusna kajadian longsor ngarupakeun bukti yen urang teu bisa ngagarap gunung atawa bukit, anu sakuduna eta gunung atawa bukit teh ulah digundulan kaina, anu akibatna tanehna labil gampang beulah, geus beulah kahujanan morosot kabawa cai, anu ahirna nyerang ka palemburan ngahancurkeun imah jeng ngaruntuhkeun tatangkalan sahingga ahirna bisa maragatkeun nyawa manusa. Oge kajadian banjir ngagambarkeun yen urang teu bisa ngatur irigasi jeng ngawangun pangwangunan anu tartib, contona daerah Jakarta anu pang seringna kabanjiran, eta disababkeun geus padet teuing pangeusina sarta saluran cai (irigasi) anu teu nyukupan, anu ahirna cai mudal teu bisa orot tina eta lokasi. Inna lillahi wa inna ilaihi rojiun.
Hal eta kabeh geus diingetkeun ku Allah dina al-qur’an Surat Asyuraa ayat 30 anu unggelna :
Jeung naon wae musibah anu tumiba ka anjeun maka disababkeun ku pagawean leungeun anjeun sorangan, dan Allah ngahampura kana sabagian gede (tina dosa-dosa anjeun).

Dewan Hakim anu mulya,  Hadirin Rohimakumullah,..

Kaayaan samodel kitu teu mungkin terus diingu. Saha wae nu ngaku salaku muslim nu ngabogaan ghirah (sumanget) kaislaman, moal ngantep karep hal eta. Agama urang lain agama fardiyah (Individu), tapi agama anu ngajungjung persatuan (ummatan wahidah), malahan hiji jasad. Lamun seug gering salah sahiji anggota badan, maka nu sejena ngarasa gering. Islam lain agama ibadah, tapi mangrupakeun jalan hirup nu paripurna (way of life) ngatur sagala urusan dunya jeung aherat. Agama ngajak kana wihdah (persatuan), al-quwwah (kakuatan), al’izzah (harga diri), al-adl (kaadilan), jeung deui kana jihad (perjuangan). Maka, tujuan tina risalah Islam rahmatan lil ‘alamin ( rahmat pikeun sakabeh alam) ieu ngabogaan tujuan pikeun pituduh manusa kana agama anu haq. Anu dipikaridho ku Allah. Fungsi Islam ceuk kitab sucina al’Qur’an anu mere katentreman, kabagjaan jeng karaharjaan  pikeun sakabeh manusa, moal ngawujud kecuali lamun bener-bener diamalkeun ku jalma-jalama anu ngabogaan tanggung jawab kana dirina, kana lingkunganana, atawa jati dirina faham kana al’qur’an. Sakabehna bakal dimimitian tina diri pribadi, kulawarga, masyarakat jeung lingkungan.
Sangkan bencana, kalaparan, kamiskinan jeng malapetaka sejena teu kapapanjangan karandapan ku bangsa urang anu ngabogaan potensi alam. Maka geus waktuna urang nyadarkeun generasi muda anu paduli kana masalah usaha pertanian anu sering disebut agrobisnis. Sabab potensi nagara urang kacida tepatna lamun bisa dikembangkeun ngaliwatan widang agrobisnis. Maka anu jadi masalahna ayeuna nyaeta masyarakat pada umumna nganggap yen agrobisnis teh ngan sabatas pertanian hungkul, padahal cakupan agrobisnis teh luas nyangkut kana peternakan, perkebunan jeng perikanan. Teu acan deui masih keneh lemahna daya tarik masyarakat hususna dikalangan generasi muda kana widang agrobisnis anu ngakibatkeun kana kurang kamanfaatkeunana lahan garap di Indonesia, terutama lahan perkebunan. Padahal lamun ditata ku tanaga ahli, tangtu eta lahan-lahan garap anu kacida loba keneh anu liar teh bakal ngahasilkeun tatanen anu unggul tur maksimal. Maka Insya Allah tarap ekonomi nu ngagarapna oge bakal naek, sahingga cita-cita bangsa urang “baldatun toyyibatun warobbun gofur” teh lain saukur selogan hungkul tapi jadi kanyataan.

Dewan Hakim anu mulya Hadirin Rohimakumullah.

Salaku masyarakat tatar galuh, dina kasempatan acara mieling kana Hari Jadi Kabupaten Ciamis ieu, hayu urang babarengan nyiapkeun generasi muda agrobisnis pikeun ngawangun tatar galuh ngalangkungan widang agrobisnis. Sabab Ciamis ngabogaan potensi anu cukup lumayan pikeun dimanfaatkeun dina raraga ningkatkeun kasadiaan pangan pikeun kulawarga hususna jeng masyarakat pada umumna. Dina raraga ningkatkeun produksi lahan garap, maka cakupanana lain kana widang pertanian wungkul, tapi kaasup perkebunan, peternakan jeng perikanan. Kujalan nyiapkeun generasi muda dina widang agrobisnis, diharepkeun Ciamis bisa ningkatkeun penghasilan asli daerahna (PAD) tina widang agrobisnis sarta bisa nyadiakeun lapangan kerja pikeun masyarakat, oge bisa ngurangan jumlah tanah liar anu teu ka garap. Hal ieu teh sajalan jeng dawuhan Allah dina al-qur’an surat albaqarah ayat 22, anu unggelna :

Anjena anu ngajadikeun bumi salaku amparan pikeun aranjeun jeng langit salaku hateup, jeng Anjeuna nurunkeun hujan ti langit, tuluy Anjeuna ngahasilkeun ku hujan sagala rupa buah-buahan pikeun rezeki jang anjeun, sabab kitu anjeun teu menang ngayakeun sakutu-sakutu pikeun Allah, padahal anjeun nyaraho.

Ayat diluhur ngingetkeun ka urang, yen urang boga kawajiban pikeun ngagarap lahan tanah pikeun kalangsungan hirup urang, jeng dina ngagarap lahan urang kudu dibarengan ku elmuna sarta kudu mibanda akhlak anu pinuji dina harti kudu cocok jeng syareat agama tur darigama supaya teu nimbulkeun bencana pikeun urang jeng masyarakat,  ku jalan kitu, maka pangangguran, kamiskinan jeng malapetaka bisa ngurangan di nagara urang.
Kusabab sakitu langkah-langkah pikeun mere pamahaman jeng bekel ka para generasi muda dina ngagarap lahan sangkan generasi muda kayungyun ku bisnis dina widang pertanian yen tina kagiatan agrobisnis teh ternyata bakal ngahasilkeun untung anu pikabitaeun, tangtuna butuh cara anu tepat tur usaha anu bener-bener serius, sangkan tujuan gancang kahontal kalayan maksimal. Tarekah-tarekah anu bisa dilaksanakeun kudu dimimitian ku mere penjelasan tina masalah agrobisnis sangkan masyarakat katarik. Naon ari agrobisnis teh nu sabenerna ? jeng naon bae ari kagiatan agrobisnis teh sahingga masyarakat bisa milih, sektor mana anu bakal dipika resep tuluy digarap ku manehna ? sanggeus di bere penjelasan jeng pamahaman, masyarakat diidentifikasi sacara taliti, anu minat kana widang agrobisnis sahingga katingali anu minatna.
Satutasna di kanyahokeun para paminatna, maka langkah saterusna nyaeta ngabina jeng ngembangkeun eta minat agrobisnis, sangkan leuwih mantep tur siap dina meraktekeunana. Dina raraga ngabina, masyarakat diarahken kana sababaraha hal :
·         Bimbingan jeng penyuluhan ngenaan pengertian, manfaat jeng tujuan agrobisnis
·         Nimbulkeun motivasi jeng ningkatkeun kasadaran ngenaan peran jeng tanggungjawab generasi muda pikeun kulawarga jeng lingkunganana
·         Ningkatkeun kamampuan jeng katerampilan generasi muda dina ngolah agrobisnis di keluargana masing-masing
Sedengkeun dina hal ngembangkeun eta agrobisnis, generasi muda diarahkeun kana timbulna motivasi pikeun ngalarapkeun agrobisnis dina lahan imahna masing-masing. Hal ieu dimaksudkeun supaya ngagancangkeun program agrobisnis dikalangan generasi muda. Sahingga dina tahap-tahap saterusna, generasi muda bisa ngarasakeun manfaat jeng kauntungan tina agrobisnis, anu pada ahirna marenehna katarik jeng ngarasa genah tumaninah dina widang agrobisnis ieu.

Dewan Hakim anu mulya Hadirin Rohimakumullah.

Ngemut kana sakumaha tuntunan agama Islam anu sakitu mentingkeunana tur geus jadi kawajiban urang pikeun ngagarap lahan supaya teu loba lahan anu mubadir sarta ngahindarkeun tina bencana tur dina raraga nyadiakeun lapangan pekerjaan. Maka geus jadi kawajiban urang pikeun ngawangun generasi agrobisnis anu dina ngawangun eta generasi agrobisnis teh, diperlukeun peran aktif tur dedikasi tinggi ti pamarentah dina ngawujudkeunana, sabab kasadaran masyarakat kana widang agrobisnis, moal bisa ditimbulkeun tanpa aya paksaan atawa usaha keras ti pamarentah, sarta nu lewih penting deui, yen kagiatan agrobisnis teh, lain hungkul minat anu perlu di timbulkeun, tapi kamampuan modal oge perlu di perhatikeun. Tanpa modal, eta kagiatan agrobisnis moal bisa kalaksanakeun, dina hal ieu pamarentah oge kudu sanggup mere jalan kaluarna dina masalah permodalan, sabab teu saeutik, para pamuda ngabogaan minat anu gede dina widang agrobisnis, anamung ganjelanana masalah modal. Maka dina penyuluhan, para paminat perlu ditegaskeun dina hal modal supaya bisa ngagunakeun modal anu leutik, tapi hasilna muncekil (maksimal).
Disamping modal, para paminat oge perlu nangtukeun kacocokan lahan anu dipimilikna, supaya hasilna muncekil, sabab teu sakabeh lahan tanah cocok dipelakan sagala rupa sayuran atawa bubuahan jeng nu sejena. Jadi pamarentah perlu ngabimbing terus-terusan supaya masyarakat teu gagal dina panena. Terus pikeun para paminat anu teu ngabogaan lahan garap, ieu oge perlu diperhatikeun ku pamarentah, dina harti lain berarti pamarentah mere lahan pikeun digarap, tapi paling henteu pamarentah bisa mere arahan jalan kaluar kucara mang neangankeun lahan kosong anu teu digarap terus bisa dilaksanakeun perjanjian anatara paminat jeng nu ngabogaan tanah, sahingga ngahasilkeun kasepakatan diantara dua belah pihak. Hal ieu cocok jeng dawuhan Nabi Muhammad Saw :

مَنْ كَانَتْ لَهُ اَرْضٌ فَلْيَزْرَعْهَا  اَوْ لِيَمْنَحْهَا اَخَاهُ فَاِنْ اَبَئ فَلْيُمْسِكْ اَرْضَهُ

Sing saha jalma anu ngabogaan tanah, maka eta tanah teh kudu dipelakan, atawa dibikeun ka dulur anjeun, Saupama anjeun teu sadia mikeuna kanu sejen, maka eta  tanah kudu tetep dipimilik. (HR Bukhori)

Anu terakhir, sanggeus minat gede, elmuna boga, modal sadia, lahan siap, maka tahap saterusna nyaeta masarkeun hasil tatanena, sabab moal mungkin bisa langgeng jeng karasa untungna eta usaha tani, lamun seg pamasaranana teu lancar. Kukituna pikeun anu lahan garapanana lega tangtu ngabutuhkeun pamasaranana oge anu gede. Maka dina hal ieu pamarentah deui keneh kudu sanggup ngabantu nyadiakeun pusat penampungan hasil tatanen kalayan bisa ngontrol hargana supaya ulah murah teuing, sabab lamun murah teuing bisa ngarugikeun patani, anu ahirna bangkrut.

 Dewan Hakim anu mulya Hadirin Rohimakumullah.

Rupina sakitu nu kapihatur tina bahasan ngawangun generasi agrobisnis di tatar galuh ciamis, mudah-mudahan aya manfaatna kanggo pribados hususna, kanggo sadaya masyarakat tatar galuh pada umumna, kalayan mudah-mudahan Ciamis manjing dinamis, maju dina widang agrobisnisna di tahun 2011 ieu. Amin.
Pamungkas pihatur langkung saur bahe carek, neda sih tawakup anu kasuhun tina sugrining kahilapan sareng kalelepatan dina ngadugikeun ieu paguneman, sarta bobo sapanon carang sapakan. Wabillahi taufiq walhidayah.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Sukamantri,     Juni 2011
Ketua FKDT Sukamantri,



H. Iyar Tamaswara, S. Ag.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar