NGAWANGUN GENERASI AGROBISNIS DI TATAR
GALUH
Naskah Lomba Pidato Basa Sunda Kec.
Sukamantri
Dina Raraga Hari Jadi
Kab. Ciamis Tahun 2011
Assalaamu’alaikum, warahmatullaahi
wabarakaatuh.
اَلْحَمْدُ ِللهِ
الْمَلِكِ الْحَقِّ الْمُبِيْنِ، الَّذِي حَبَانَا بِالْإِيْمَانِ
واليقينِ، وقال للنبي: (وَمَا أَرْسَلْنَاكَ
إِلَّا رَحْمَةً لِلْعَالَمِينَ). وقال تعالي:
مُحَمَّدٌ رَسُولُ اللَّهِ وَالَّذِينَ مَعَهُ أَشِدَّاءُ عَلَى
الْكُفَّارِ رُحَمَاءُ بَيْنَهُمْ
تَرَاهُمْ رُكَّعًا سُجَّدًا يَبْتَغُونَ فَضْلًا مِنَ
اللَّهِ وَرِضْوَانًا سِيمَاهُمْ فِي وُجُوهِهِمْ مِنْ أَثَرِ السُّجُودِ
ذَلِكَ مَثَلُهُمْ فِي
التَّوْرَاةِ وَمَثَلُهُمْ فِي الْإِنْجِيلِ كَزَرْعٍ أَخْرَجَ
شَطْأَهُ فَآزَرَهُ فَاسْتَغْلَظَ فَاسْتَوَى عَلَى سُوقِهِ يُعْجِبُ
الزُّرَّاعَ لِيَغِيظَ بِهِمُ
الْكُفَّارَ وَعَدَ اللَّهُ الَّذِينَ آمَنُوا وَعَمِلُوا
الصَّالِحَاتِ مِنْهُمْ مَغْفِرَةً وَأَجْرًا عَظِيمًا.
Puji anu sok ngancik na diri
abdi-abdi anu sajati, siga para santri anu garetol ngaji. puja anu sok sumarambah na dada
hamba-hamba nu saratia jiga wanoja jeung jajaka nu tarumut kana agama. Puji eta
tetep kagungan gusti nu Maha Suci, Puja wang sanggakeun kanu Maha Kawasa, anu mana nitih wanci nu mustari, ninggang
mangsa nu lugina, urang tiasa riung mungpulung patepung lawung
bari nebihkeun tina kabingung, pamprok jonghok bari aremok cabok
gigiren tembok ieu aula, patepang wajah sareng nu
dikaropeah bari saromeah bangun nuju baringah.
Mudah-mudahan riungan urang sadaya kenging hidayah sinareng barokah
ditebihkeun tina kasusah anu diwuwuh ku ridho sinareng maghfiroh malah mandar
urang sadaya baringah tur guligah. Amin.
Sholawat sinareng salam muga tetep dilelerkeun
ka jungjunan urang sadaya nyatana habibana wanabiyana Muhammad Saw, natrat ka
shabat para ahli jeung sahabat tug dugi ka urang sadaya anu sami miharep safaat
ti mantena engke di alam kalanggengan.
Tipayun ngahaturkeun
nuhun ka pangersa pangatur waktos minangka juru duum dina ieu acara, kana
waktos anu parantos dipasihkeun ka pribados kanggo ngiring cumarios dina tempat
anu raos, kalayan pribados moal panjang paos sabab waktos parantos
ditangtos-tangtos ku pangatur waktos.
Dewan Hakim anu dipihurmat Hadirin
anu dimulyakeun ku Allah
Indonesia ngarupakeun hiji nagara
anu ngabogaan Sumber Daya Alam lengkep,
timimiti tanah anu subur, iklim anu sampurna (aya hujan, aya panas), lingkungan
anu ngadukung jeng hal anu sejena, anu pasti ku eta potensi, urang bisa ngahasilkeun hasil tatanen anu unggul
(loba jeng alus), boh hasil tatanen anu mangrupa bubuahan, sayuran atawa anu
sejena. Sabab ngan dina taneh anu subur jeng hawa anu
cocok, urang bisa ngahasilkeun tatanen anu unggul. Tapi
ironisna, eta potensi teh teu bisa ngangkat bangsa Indonesia jadi bangsa anu makmur jeng
sejahtera, malahan kudunamah ku eta potensi, Indonesia bisa ngekspor
bubuahan, beas, sayur-sayuran jeng hasil tatanen sejena ka nagara dengen. Tapi
sabalikna, nagara urang boro-boro bisa ngekspor hasil tatanen ka nagara dengen,
rakyat Indonesia na oge, masih keneh loba anu kalaparan (kurang dahar atawa
samasekali teu manggih sangu), loba keneh masyarakat kurang sehat kusabab tara
dahar bubuahan, loba keneh jalma anu kurang gizi kusabab jarang ngadahar
sayuran. Hal ieu ngarupakeun bukti yen bangsa Indonesia masih keneh
lemah dina Sumber Daya Manusana, anu teu mampu ngolah potensi Sumber Daya Alam.
Disamping eta, kondisi anu leuwih
parah deui coba perhatikeun kuurang, naon sababna ayeuna loba bencana anu
karandapan ku bangsa urang, hususna bencana alam, saperti longsor, banjir jeng
bencana lumpur lapindo anu teu eureun-eureun. Ieu ngabuktikeun yen urang salaku
umat Islam geus gagal dina ngajalankeun amanah ti Allah (amanah dina ngagarap
lahan garapan), urang teu bisa ngagarap tanah anu bener, anu luyu jeung
sayari’at agama tur darigama. Kajadian lumpur lapindo ngabuktikeun yen
kagagalan urang dina ngolah lahan garapan anu teu merhatikeun dampak kana
lingkungan, anu dipikirkeun kumaranehanana ukur duit jeng duit, dalah dampakna
rek positif atawa negatif teu
dipentingkeun ieuh. Saterusna kajadian longsor ngarupakeun bukti yen urang teu
bisa ngagarap gunung atawa bukit, anu sakuduna eta gunung atawa bukit teh ulah
digundulan kaina, anu akibatna tanehna labil gampang beulah, geus beulah
kahujanan morosot kabawa cai, anu ahirna nyerang ka palemburan ngahancurkeun
imah jeng ngaruntuhkeun tatangkalan sahingga ahirna bisa maragatkeun nyawa
manusa. Oge kajadian banjir ngagambarkeun yen urang teu bisa ngatur irigasi
jeng ngawangun pangwangunan anu tartib, contona daerah Jakarta anu pang
seringna kabanjiran, eta disababkeun geus padet teuing pangeusina sarta saluran
cai (irigasi) anu teu nyukupan, anu ahirna cai mudal teu bisa orot tina eta
lokasi. Inna lillahi wa inna ilaihi rojiun.
Hal eta kabeh geus diingetkeun ku
Allah dina al-qur’an Surat Asyuraa ayat 30 anu unggelna :
Jeung naon
wae musibah anu tumiba ka anjeun maka disababkeun ku pagawean leungeun anjeun
sorangan, dan Allah ngahampura kana sabagian gede (tina dosa-dosa anjeun).
Dewan Hakim anu mulya, Hadirin Rohimakumullah,..
Kaayaan
samodel kitu teu mungkin terus diingu. Saha wae nu ngaku salaku muslim nu
ngabogaan ghirah (sumanget) kaislaman, moal ngantep karep hal eta.
Agama urang lain agama fardiyah (Individu), tapi agama anu ngajungjung
persatuan (ummatan wahidah), malahan hiji jasad. Lamun seug gering salah
sahiji anggota badan, maka nu sejena ngarasa gering. Islam lain agama ibadah, tapi mangrupakeun jalan hirup nu paripurna (way of life)
ngatur sagala urusan dunya jeung aherat. Agama ngajak kana wihdah
(persatuan), al-quwwah (kakuatan), al’izzah (harga diri), al-adl
(kaadilan), jeung deui kana jihad (perjuangan). Maka, tujuan tina risalah Islam rahmatan
lil ‘alamin ( rahmat pikeun sakabeh alam) ieu ngabogaan tujuan pikeun pituduh
manusa kana agama anu haq. Anu dipikaridho ku Allah. Fungsi Islam ceuk kitab
sucina al’Qur’an anu mere katentreman, kabagjaan jeng karaharjaan pikeun sakabeh manusa, moal ngawujud kecuali
lamun bener-bener diamalkeun ku jalma-jalama anu ngabogaan tanggung jawab kana dirina,
kana lingkunganana, atawa jati dirina faham kana al’qur’an. Sakabehna bakal dimimitian tina diri pribadi, kulawarga,
masyarakat jeung lingkungan.
Sangkan bencana, kalaparan,
kamiskinan jeng malapetaka sejena teu kapapanjangan karandapan ku bangsa urang
anu ngabogaan potensi alam. Maka geus waktuna urang nyadarkeun generasi muda
anu paduli kana masalah usaha pertanian anu sering disebut agrobisnis. Sabab
potensi nagara urang kacida tepatna lamun bisa dikembangkeun ngaliwatan widang
agrobisnis. Maka anu jadi masalahna ayeuna nyaeta masyarakat pada umumna
nganggap yen agrobisnis teh ngan sabatas pertanian hungkul, padahal cakupan
agrobisnis teh luas nyangkut kana peternakan, perkebunan jeng perikanan. Teu
acan deui masih keneh lemahna daya tarik masyarakat hususna dikalangan generasi
muda kana widang agrobisnis anu ngakibatkeun kana kurang kamanfaatkeunana lahan
garap di Indonesia, terutama lahan perkebunan. Padahal lamun ditata ku tanaga
ahli, tangtu eta lahan-lahan garap anu kacida loba keneh anu liar teh bakal
ngahasilkeun tatanen anu unggul tur maksimal. Maka Insya Allah tarap ekonomi nu
ngagarapna oge bakal naek, sahingga cita-cita bangsa urang “baldatun toyyibatun
warobbun gofur” teh lain saukur selogan hungkul tapi jadi kanyataan.
Dewan Hakim anu mulya Hadirin
Rohimakumullah.
Salaku masyarakat tatar galuh, dina
kasempatan acara mieling kana Hari Jadi Kabupaten Ciamis ieu, hayu urang
babarengan nyiapkeun generasi muda agrobisnis pikeun ngawangun tatar galuh
ngalangkungan widang agrobisnis. Sabab Ciamis ngabogaan potensi anu cukup
lumayan pikeun dimanfaatkeun dina raraga ningkatkeun kasadiaan pangan pikeun
kulawarga hususna jeng masyarakat pada umumna. Dina raraga ningkatkeun produksi
lahan garap, maka cakupanana lain kana widang pertanian wungkul, tapi kaasup
perkebunan, peternakan jeng perikanan. Kujalan nyiapkeun generasi muda dina
widang agrobisnis, diharepkeun Ciamis bisa ningkatkeun penghasilan asli
daerahna (PAD) tina widang agrobisnis sarta bisa nyadiakeun lapangan kerja
pikeun masyarakat, oge bisa ngurangan jumlah tanah liar anu teu ka garap. Hal
ieu teh sajalan jeng dawuhan Allah dina al-qur’an surat albaqarah ayat 22, anu
unggelna :
Anjena anu ngajadikeun bumi salaku amparan
pikeun aranjeun jeng langit salaku hateup, jeng Anjeuna nurunkeun hujan ti
langit, tuluy Anjeuna ngahasilkeun ku hujan sagala rupa buah-buahan pikeun
rezeki jang anjeun, sabab kitu anjeun teu menang ngayakeun sakutu-sakutu pikeun
Allah, padahal anjeun nyaraho.
Ayat diluhur ngingetkeun ka urang,
yen urang boga kawajiban pikeun ngagarap lahan tanah pikeun kalangsungan hirup
urang, jeng dina ngagarap lahan urang kudu dibarengan ku elmuna sarta kudu mibanda
akhlak anu pinuji dina harti kudu cocok jeng syareat agama tur darigama supaya
teu nimbulkeun bencana pikeun urang jeng masyarakat, ku jalan kitu, maka pangangguran, kamiskinan
jeng malapetaka bisa ngurangan di nagara urang.
Kusabab sakitu langkah-langkah
pikeun mere pamahaman jeng bekel ka para generasi muda dina ngagarap lahan
sangkan generasi muda kayungyun ku bisnis dina widang pertanian yen tina
kagiatan agrobisnis teh ternyata bakal ngahasilkeun untung anu pikabitaeun,
tangtuna butuh cara anu tepat tur usaha anu bener-bener serius, sangkan tujuan
gancang kahontal kalayan maksimal. Tarekah-tarekah anu bisa dilaksanakeun kudu
dimimitian ku mere penjelasan tina masalah agrobisnis sangkan masyarakat
katarik. Naon ari agrobisnis teh nu sabenerna ? jeng naon bae ari kagiatan
agrobisnis teh sahingga masyarakat bisa milih, sektor mana anu bakal dipika
resep tuluy digarap ku manehna ? sanggeus di bere penjelasan jeng pamahaman,
masyarakat diidentifikasi sacara taliti, anu minat kana widang agrobisnis
sahingga katingali anu minatna.
Satutasna di kanyahokeun para paminatna,
maka langkah saterusna nyaeta ngabina jeng ngembangkeun eta minat agrobisnis,
sangkan leuwih mantep tur siap dina meraktekeunana. Dina raraga ngabina,
masyarakat diarahken kana sababaraha hal :
·
Bimbingan
jeng penyuluhan ngenaan pengertian, manfaat jeng tujuan agrobisnis
·
Nimbulkeun
motivasi jeng ningkatkeun kasadaran ngenaan peran jeng tanggungjawab generasi
muda pikeun kulawarga jeng lingkunganana
·
Ningkatkeun kamampuan
jeng katerampilan generasi muda dina ngolah agrobisnis di keluargana
masing-masing
Sedengkeun dina hal ngembangkeun eta
agrobisnis, generasi muda diarahkeun kana timbulna motivasi pikeun ngalarapkeun
agrobisnis dina lahan imahna masing-masing. Hal ieu dimaksudkeun supaya
ngagancangkeun program agrobisnis dikalangan generasi muda. Sahingga dina
tahap-tahap saterusna, generasi muda bisa ngarasakeun manfaat jeng kauntungan
tina agrobisnis, anu pada ahirna marenehna katarik jeng ngarasa genah tumaninah
dina widang agrobisnis ieu.
Dewan Hakim anu mulya Hadirin
Rohimakumullah.
Ngemut kana sakumaha
tuntunan agama Islam anu sakitu mentingkeunana tur geus jadi kawajiban urang
pikeun ngagarap lahan supaya teu loba lahan anu mubadir sarta ngahindarkeun tina
bencana tur dina raraga nyadiakeun lapangan pekerjaan. Maka geus jadi kawajiban
urang pikeun ngawangun generasi agrobisnis anu dina ngawangun eta generasi
agrobisnis teh, diperlukeun peran aktif tur dedikasi tinggi ti pamarentah dina
ngawujudkeunana, sabab kasadaran masyarakat kana widang agrobisnis, moal bisa
ditimbulkeun tanpa aya paksaan atawa usaha keras ti pamarentah, sarta nu lewih
penting deui, yen kagiatan agrobisnis teh, lain hungkul minat anu perlu di
timbulkeun, tapi kamampuan modal oge perlu di perhatikeun. Tanpa modal, eta
kagiatan agrobisnis moal bisa kalaksanakeun, dina hal ieu pamarentah oge kudu sanggup
mere jalan kaluarna dina masalah permodalan, sabab teu saeutik, para pamuda ngabogaan
minat anu gede dina widang agrobisnis, anamung ganjelanana masalah modal. Maka
dina penyuluhan, para paminat perlu ditegaskeun dina hal modal supaya bisa
ngagunakeun modal anu leutik, tapi hasilna muncekil (maksimal).
Disamping
modal, para paminat oge perlu nangtukeun kacocokan lahan anu dipimilikna, supaya
hasilna muncekil, sabab teu sakabeh lahan tanah cocok dipelakan sagala rupa
sayuran atawa bubuahan jeng nu sejena. Jadi pamarentah perlu ngabimbing
terus-terusan supaya masyarakat teu gagal dina panena. Terus pikeun para
paminat anu teu ngabogaan lahan garap, ieu oge perlu diperhatikeun ku
pamarentah, dina harti lain berarti pamarentah mere lahan pikeun digarap, tapi
paling henteu pamarentah bisa mere arahan jalan kaluar kucara mang neangankeun
lahan kosong anu teu digarap terus bisa dilaksanakeun perjanjian anatara
paminat jeng nu ngabogaan tanah, sahingga ngahasilkeun kasepakatan diantara dua
belah pihak. Hal ieu cocok jeng dawuhan Nabi Muhammad Saw :
مَنْ كَانَتْ لَهُ اَرْضٌ فَلْيَزْرَعْهَا اَوْ لِيَمْنَحْهَا اَخَاهُ فَاِنْ اَبَئ فَلْيُمْسِكْ
اَرْضَهُ
Sing saha jalma anu ngabogaan tanah, maka eta tanah teh kudu
dipelakan, atawa dibikeun ka dulur anjeun, Saupama anjeun teu sadia mikeuna
kanu sejen, maka eta tanah kudu tetep
dipimilik. (HR Bukhori)
Anu terakhir, sanggeus minat gede, elmuna
boga, modal sadia, lahan siap, maka tahap saterusna nyaeta masarkeun hasil
tatanena, sabab moal mungkin bisa langgeng jeng karasa untungna eta usaha tani,
lamun seg pamasaranana teu lancar. Kukituna pikeun anu lahan garapanana lega
tangtu ngabutuhkeun pamasaranana oge anu gede. Maka dina hal ieu pamarentah
deui keneh kudu sanggup ngabantu nyadiakeun pusat penampungan hasil tatanen
kalayan bisa ngontrol hargana supaya ulah murah teuing, sabab lamun murah
teuing bisa ngarugikeun patani, anu ahirna bangkrut.
Dewan Hakim anu mulya Hadirin Rohimakumullah.
Rupina sakitu
nu kapihatur tina bahasan ngawangun generasi agrobisnis di tatar galuh ciamis,
mudah-mudahan aya manfaatna kanggo pribados hususna, kanggo sadaya masyarakat
tatar galuh pada umumna, kalayan mudah-mudahan Ciamis manjing dinamis, maju
dina widang agrobisnisna di tahun 2011 ieu. Amin.
Pamungkas
pihatur langkung saur bahe carek, neda sih tawakup anu kasuhun tina sugrining
kahilapan sareng kalelepatan dina ngadugikeun ieu paguneman, sarta bobo sapanon
carang sapakan. Wabillahi taufiq walhidayah.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
Sukamantri, Juni 2011
Ketua FKDT Sukamantri,
H. Iyar Tamaswara, S. Ag.